Dina hiji poé aya sakadang peucang ngaliwat hareupeun maung nu keur ulin jeung anakna.

Ceuk anak maung, “Ma, itu, hayang peucang, Ma. Téwak si Peucang!”

“Haroréam cararapé!”, ceuk indung maung.

“Atuh Ma, hayang peucang!”

“Hah.. budak teh! Heueuh, cicing!”

Diudag-udag tah éta peucang tapi teu kaudag waé da tarik lumpatna. Pas manggih pager hareupeun, ku sabab peucang mah leutik, langsung wé bulubus bisa asup ngaliwatan éta pager. Ari maung, ku sabab gedé, ngan ukur asup sirahna hungkul. Nya atuh éta maung téh uyek-uyekan na pager.
Kabeneran éta peucang téh jalu, atuh éta peucang téh muteran pager ka tukangeun maung. Tuluy wéh éta maung téh “diopi” ku peucang.

Bari jeung wirang kusabab geus digadabah ku peucang, éta maung balik.

“Ma, mana si peucang téh?”, ceuk anak maung.

“Hush! Montong susa-sisi! Papih!”

 

Sumber: (Alm.) Kang Ibing